Bari nyanghunjar, kuring maca kumpulan sajak Sérah, karangan Éris Risnandar (ÉR). Réréana mah sajak-sajak ÉR téh parondok, ukur sababaraha pada baé. Kawuwuh basa anu digunakeunana ogé éstuning basajan, teu réa purwakanti, sarta teu réa akrobatik basa. Malah aya sababaraha sajak anu ngabalukarkeun kuring jadi ngabelenyéh sorangan. Kuring jadi panasaran, hayang milu mairan sugan teu nyalahan.

Sajak mustahil miang tina rohang kosong, sabab saban sajak tangtu miboga titik pamiangan. Pon kitu deui sajak-sajak ÉR, réréana miang tina kaayaan sosial, politik, jeung ékonomi. Sawaréhna deui medar perkara katineung jeung pati. Éta kaayaan téh tuluy ditapsirkeun, dibeuweung-diutahkeun, saméméh ngajanggélék jadi hiji sajak.

Dina enas-enasna, Sérah téh réréana kritik sosial anu dibungkus ku cangkang sajak. Urang geus pada-pada maphum, kiwari masarakat anu masakat, réa anu katideresa, ditincak ku sapatu pangwangunan, dijiret ku tali kakawasaan. Lembur geus salin rupa jadi bendungan, pabrik, jalan tol, jeung lapang golf. Éta parobahan téh témbrés pisan dina sajak-sajak ÉR. Kapeurih, katineung, kaketir, kaambek, kasedih, gumulung jadi hiji, niruk kana mamaras rasa. Di handap, urang petik sagagang sajak Sérah.

SÉRAH
bangkarak imah
ngambang jadi sarah
palid jadi sérah
melag dina elak-elakan sajarah

Kiwari, kapan jalma cacah kuricakan mah sakadar dianggap sérah, siki paré anu cangkangan kénéh, anu sok kapanggih dina béas, atawa dina sangu1. Kaasup imah rahayat anu jadi pangiuhan, mindeng dianggap sarah, atawa runtah téa. Malah kapan sérah mah sok melag dina genggerong, dianggap ngahalangan pangwangunan. Antukna, rahayat tuluy disieuhkeun, sangkan teu jadi bangbaluh keur kakawasaan. Hiji mangsa, boa sajarah anu bakal ngungkab ngangresna nasib éta sérah téh.

Potrét sosial anu séjénna bisa kasawang tina sajak HAYANG BALIK “hayang balik ka lembur/tapi lembur geus ngemplang jadi sagara//, atawa dina sajak TAGIWUR “Cimanuk dibendung dijieun waduk/Laun-laun cai ngarayap mapay-mapay lebak//

Pon kitu deui dina ieu sajak:

CAG
aya nu ngaburial
tina beungeut cai
: getih

Sarimbag jeung ieu sajak:

HUMAYUA
walungan dibendung
ngajak padungdung

Opat sajak di luhur medar hal anu sarua, nyaéta lembur anu kakeueum ku pangwangunan bendungan. ÉR téh lahir di Sumedang. Tangtu dirina miboga rasa ngangres, malah teu mustahil ngemu rasa amarah ningali lembur di sarakanana kakeueum ku Bendungan Jatigedé. Antukna, kasawang getih tingburial tina beungeut cai. Éta getih téh minangka simbul tina ngajeritna masarakat anu peurih alatan katideresa, pangiuhanana kakeueum ku bendungan. Malah teu mustahil ngahudang rasa kaambek, atawa ngajak padungdung, ngajak tarung téa. Sabab, salian ti réa masarakat anu disieuhkeun, kapan kasaimbangan alam ogé jadi kaganggu. Kawuwuh aya sababaraha situs sajarah anu kakeueum ku éta bendungan.

Sok sanajan, tokoh, jeung patempatan dina sajak mah kapan lain tokoh, jeung tempat anu aya bungkeuleukanana, tapi geus salin rupa jadi tokoh, jeung tempat imajiner. Hartina, éta bendungan téh bisa bendungan anu mana baé, di mana baé. Papadaning kitu, opat sajak di luhur téh jadi kritik sosial keur para pangagung anu keur maranggung.

Balukarna, rahayat leungiteun pangbalikan. Liwung kudu ka mana nya mulang. Malah diceungceurikan gé geus teu bisa. Da kapan pangbalikanana ogé geus sirna, kalindih ku teu adilna pangwangunan. Kasang tukangna mah bisa rupa-rupa, bisa alatan kapentingan individu, kelompok, bisnis, atawa konsumerisme. Pamustunganana, sarakan kiwari kari tetengger, kari panineungan. Kawas anu didadarkeun dina ieu sajak di handap.

PANGGER
Bali geusan kari ngaran
Lain ceungceurikaneun

Bali geusan kari ngaran
Tetengger nu mawa pangger

Salian ti kritik sosial ngeunaan kaayaan di pilemburan, ÉR ogé nyabit-nyabit perkara kaayaan sosial di kota. Titénan ieu sajak di handap.

DI LAMPU MÉRAH
Seuri atuh sia téh da lain embé
(tulisan stiker dina hélm kabaca
Sarérétan di lampu mérah)

Belenyéh seuri konéng

Rét ka sisi rét ka gigir
Mobil motor tingbelenyeng.

Enya. Ceuk tadi gé, maca ieu sajak, kuring jadi ngabelenyéh sorangan. Da enya atuh, di dayeuh mah seuri téh kiwari jadi barang anu langka, tur mahal. Tangtu urang gé geus pada-pada maphum kana kaayaan di kota anu masarakatna katungkulkeun ku pagawéan, jeung konsumerisme. Ungkara mobil motor tingbelenyeng némbongkeun kaayaan kota anu geus sarwa gancang, ngabelesat lir kilat, boh dina perkara patali marga, pakasaban, téhnologi informasi, boh perkara sosial séjénna. Ceuk Yasraf Amir Piliang mah disebut dromologi budaya2, atawa budaya anu diwangun, jeung dikawasa ku prinsip kecepatan, jeung percepatan. Cindekna, budaya anu sarwa gancang. Balukarna, rasa sosial masarakat kota jadi nyirorot, kitu deui waktu keur ngalenyepan ma’na hirup ogé jadi kabolér.

Cag, perkara kritik sosial. Sajak-sajak ÉR ogé sawaréhna aya anu nyabit-nyabit perkara umur, jeung pati. Kawas anu kabaca dina sajak DINA BEUS “ieu nyawa ngabarungsinang/meusmeus nandéan rénghap honcéwang/: dupi gerbang tol tebih kénéh?//. Nya kitu deui dina sajak DI LUHUR RANJANG “di luhur ranjang urang/taranjang ngajeungkalan nyawa//, atawa ieu sajak SAJAK ULANG TAUN “Umur boa babatang lilin/Hibar sakedapan horéng/Ngariakeun peteng saendeng-endeng//

Dina sajak di luhur, tétéla beus téh sakadar média, raga badag anu bakal nganteurkeun urang ka gerbang tol, atawa lawang ajal téa. Pon kitu deui diksi lilin, lir lalampahan umur urang, anu hibarna ukur sakedapan, sabab dina hiji mangsa baris keuna ku peteng, pareum saendeng-endeng. Cindekna, mun dilenyepan mah, réa hal di ieu dunya anu ngélingan urang sangkan teu kamalinaan sukan-sukan hirup di alam dunya. Boh anu mangrupa barang beunang jelema, boh anu nyampak di lingkungan alam, pada-pada ngélingan urang kana perkara ajal.

Pamungkas, urang baca ieu sajak di handap.

RARAKITAN 2
Kasono ngalakay pugur
Ngumbing kalangkang mega
Kasono ngalakay gugur
Ngeumbing kalangkang nyawa

Daftar Kutipan
1 Satjadibrata, R. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama, 2016
2 Piliang, Yasraf Amir. Dunia yang dilipat: Tamasya Melampaui Batas-batas Kebudayaan. Bandung: Pustaka Matahari, 2011.

Profil Penulis

Prayoga Adiwisastra
Prayoga Adiwisastra
Alumni Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Kungsi aktif di Komunitas Sastra Turus, ASAS UPI, jeung Sanggar Sastra Purwakarta. Kiwari cekel gawé salaku Guru Basa Sunda di MTs Assalam Plered