
Ceuk batur mah, kuring jiga kaguyuran madu. Amisna asli. Hirup teu jiga batur, unggal usik ngan nyaliksik, kokoreh unggal poe ngarah bisa hirup ayeuna jeung poe isuk. Da enya, ti saprak kuring kawin jeung manehna, can pernah ngalaman kasusah. Hirup téh tentrem, kadaharan teu kurang, pangabutuh teu jadi pangaruh. Hirup sahayuna, nu kira-kira ka dagdag-kaduga dilakonan, nu kira-kira beurat disinglaran. Da teu karasa, ngarumah tangga téh sadar-sadar geus nepi taun kaopat.
Nya jigana Gusti nu ngersakeun, kuring bisa kawin jeung manehna téh, da jigana kabeh gé euweuh nu nyangka. Atuh kuring pira gé, tamatan esdé; ari pamajikan tamatan sarjana filsafat. Éta téh mun ditilik tina pendidikan. Ayeuna atuh mun dirampa tina waruga, beungeut kuring basajan. Malah kuring mah pan dilandi Si Boncel ku babaturan téh, da éta awak téh pendek. Ari pamajikan mah pan jangkung leunjang, sukuna ngajantung cau. Da éta sapopoe maké sapatu pantopel, mun diperhatikeun mah, pamajikan téh mun keur leumpang jiga jéngkék, rarayna gé cahayaan ku kulitna nu ngeplak bodas.
Geus kitu, soal pagawean, kabeh gé arapal yén kuring euweuh pagawean nu tangtu. Ngojeg gé kadang-kadang, kumaha purunna. Lolobana mah luntang-lantung wé. Sasakali mun boga duit, paling dipaké nguseup jeung Si Aan Polet. Sédengkeun pamajikan?
Manéhna mah gawé gé kantoran, gajihna puluhan juta. Malah can gé saminggu ngomong bosen ngantor maké Avanza, kamari geus ganti mobil anyar, mérekna Brio warna bodas nyacas.
“Enya, maneh mah berkah, Cel. Ngan keur pamajikan maneh mah jigana musibah.”
Sakapeung, Si Oma sok kaliwatan ari ngomong téh. Enya ukur heureuy, tapi pan matak nyentug kanda hate. Ongkoh ari jodo mah anging ku Gusti. Teu bisa diembung-embung, teu bisa dihayang-hayang. Ngan, teuing dodoja, teuing ukur akon-akon.
Geus aya sabulan mah, pamajikan téh asa béda. Balik gawé kerep telat, ngomongna loba lemburan. Pernah sakali balik subuh, alesanna tugas kaluar kota. Tidinya kuring mimiti curiga. Boa-boa… pamajikan téh… Tapi gancang disinglar, inget ceuk omongan Ustadz Endang: hirup tong gancang suudzon. Enya, tong suudzon, nuturkeun hate leutik ari can aya bukti kumaha-kumahana.
Ngan hate… ngan kuring nu ngarasa. Komo kasebut hate leutik, unggal usik sok hayang naluktik. Nepikeun kuring pernah maling-maling waktu pamajikan keur sare tibra, kuring nyoba muka hapéna, ngan teu kabuka da hapéna dikonci maké kode pribadi. Enya, kuring sieun jiga nu kaalaman Si Eman — pamajikanana katohian salingkuh pan tina Facebook-an? Komo deui peuting ieu, kuring guling-gulisik, sanggeus pamajikan wacana aya tugas kaluar kota, balik pagetona, da ceunah kudu nginep jeung babaturanana.
“Akang tong kamana-mana, emam mah mésér wé ka warung. Artosna ke disiapkeun di luhur tipi.”
Bari kitu manéhna tuluy ngageledak dina kasur, langsung sare. Waktu ku kuring ditangkeup, manéhna ngomong:
“Tong, Kang. Cararape.”
Kitu téh bari malik nonggongan, ngaringkuk jiga hurang dipanggang.
Kuring ngan ukur neureuy ciduh, panon ngalayang kana palapon, aya cakcak sapasang keur silih élodan. Asli, harita kuring teu sare sapeuting. Ngan waktu pamajikan hudang, kuring pura-pura sasarean. Meletét waktu manéhna dandan, gura-giru kaluar. Ku kuring tuluy dituturkeun bari susulumputan. Sora mobil kadéngé hurung, kuring gancang ka dapur, rerencepan ngadorong motor.
Katempo mobil geus jalan, kuring gé terus nguntil ti kajauhan. Kira-kira dua puluh menitan, mobil tuluy asup ka restoran agreng, pakaranganna lega. Kuring geus ngarasa teu genah hate — pamajikan ngomongna ceunah rék ka kantor heula, rék indit jeung baturna kaluar kota.
Teu lila, pamajikan kaluar, leumpang nyampeurkeun mobil lain. Harita dina mobil éta gé aya lalaki parlente kaluar, bari sura-seuri ka pamajikan. Naha ujug-ujug téh patangkép-tangkép.
Seak… awak panas kacida! Gancang kuring turun tina motor, dituntun, diparkirkeun dinu iuh. Moal antaparah deui kuring hayang neunggeulan lalaki éta, nu purunyus nangkeupan pamajikan batur! Tapi pas ngalieuk, mobil lalaki éta geus aya di panto gerbang, méngkol ka jalan. Katempo pamajikan jiga nu keur cacarakatan di jok panumpang!
Kuring gancang lumpat ka tempat motor, rék diudag nepi kamana nepina gé. Hate asa rajet, jiga hate Rama waktu nyaho Déwi Sinta ditalikung Rahwana.
Motor langsung distater, tapi teu hirup. Dicobaan deui, tetep teu hirup. Mobil nu mawa pamajikan katempo nyemprung, sakilat geus leubeng teu katempo haseup-haseupna acan.
Bareng-bareng kita berkarya dan saling berbagi info nongkrong di grup whatsap kami.