Maca “Kuring Percaya”

Diambil dari sini

 

Basa ngotéktak pabukon sorangan, goréhél téh manggih hiji buku nu ipis, warugana leutik tur camperenik, judulna Kuring Percaya. Bet sorangan jadi panasaran, hayang milu mairan sugan teu nyalahan.

Mimitina mah kuring teu percaya, yén éta buku téh eusina perkara pangaweruh. Tapi sanggeus maca eusina, kuring jadi percaya.

Eusina dipasing-pasing jadi 28 bagian. Saban bagian béda jejer, béda wangkongan. Pangarangna tapis mungkus rupaning pangaweruh ku cangkang wangkongan sapopoé. Di antarana baé, pangaweruh agama, nasionalisme, lingkungan, jeung sains. Di antara éta rupa-rupa téma, nu pangréana jadi jejer wangkongan téh perkara agama. Kilang kitu, téma-téma séjén gé dina enas-enasna mah réa nu dipatalikeun jeung perkara agama.

Cara ilaharna wangkongan sapopoé, nya tempatana ogé bisa di mana baé, tur jejerna ogé bisa luak-léok ka mana baé. Salian ti éta, wangkonganana ogé katémbong salsé. Katitén, tokoh Husén daria nanya ka Guruna di sakola. Dina bagian séjén ogé Husén uplek ngawangkong jeung Bapana, katut dulur-dulurna. Geura urang cutat salah sahiji wangkonganana:

“Nepi ka ayeuna can aya jelema nu kungsi nénjo wujudna listrik.” Kitu saur Bapa Guru di kelas.

“Saur saha, Pa!” ceuk Husén. “Bulan pengker listrik parantos aya di desa urang. Pan katingali listrik di unggal rorompok. Upami wengi mani mabra di mana-mana.” (kaca 7)

Wangkongan di luhur merenah pisan pikeun mungkus élmu pangaweruh. Ari tujuanana, nya taya deui sangkan élmu pangaweruh téh teu beurat teuing dibacana, nu maca kawas nu dibawa ulin sajeroning wangkongan. Pon kitu deui pangaweruh sains ngeunaan listrik di luhur, tangtu moal matak kerung nu maca.

Dina bagian séjén, aya ogé nu medar perkara agama, turta sarimbag ditulis dina wangun wangkongan.

Mang Ramli nyarios ka Bapa Husén, “Téréh galedé ieu barudak téh! Muga-muga wé sing saroléh.”

Bapa Husén: “Shalatna mah garetol barudak téh, Mang

Ramli: “Teu baredegong deuih. Ongkoh guru-guruna di sakolana pohara hadéna. Husén geus kelas 6, Aminah, adina kelas 5. Téréh baralég!”

Husen: “Bapa jangji badé ngabahas Rukun Islam téa. Harita téh Nyai naroskeun naon-naon nu kudu dipilampahkeun ku nu ngaku agama Islam. (kaca 51)

Ceuk tadi gé, pangarang ieu buku téh teu karasa keur méré pangaweruh. Nu maca kawas nu dibéré tulisan ngeunaan kahirupan sapopoé dina wanda carpon, atawa sketsa. Tétéla, cangkang ogé milu mangaruhan kana eusi carita. Horéng perkara agama téh bisa ditepikeun ku cangkang nu basajan.

Tokoh Husén, Bapa Husén, Aminah, Bapa Guru, Mang Ramli, Kadir, jrrd, éstu ngawakilan kahirupan masarakat Sunda nu pogot ngawangkong. Eusina ogé kahontal ku imajinasi barudak deuih, sabab tokoh-tokohna gé teu jauh ti barudak, kawas Husen, Aminah, jeung Kadir. Sok sanajan kitu, ieu buku ogé payus upama dibaca ku nu geus sawawa.

Maca buku Kuring Percaya, kuring jadi percaya ieu buku méh sarimbag jeung buku Ronggéng Sajajagat yasana Ahmad Bakri. Duanana ngandung ajén-inajén sosial, moral, jeung atikan, tapi ditulis ku wangun wangkongan, carita nu basajan, tur teu karasa mapatahan.

Upama medar perkara wangkongan, méh saban jalma tangtu baé kungsi ngalaman. Saha jalmana nu hayang numpi sosoranganan, bari taya batur pamuntangan sapisan. Manakomo masarakat Sunda bihari, pogot ngawangkong sok tepi ka wanci janari.

Enya. Lain hartina kiwari wangkongan geus leungit, tapi kiwari wangkongan téh geus rada robah. Cindekna, ditambahan ku wangkongan di sosial média.

Bet ras inget kana éséy Goenawan Mohamad nu nyutat bagian lakon Samuel Beckett: “Tak ada lagi dialog. Bahasa sudah habis.” Ras deui ka Haji Hasan Mustappa nu medar agama ngaliwatan patakonan jeung jawabna.

Enya. Kuring percaya, paguneman téh moal tepi ka sirna, tapi sakadar robah wangunna.

 

 

 

DATA BUKU:

Judul: Kuring Percaya
Pangarang: H. Kanda Kartawidjaja & H. Kadar
Penerbit: Tarate
Taun terbit: 1985 & 1987

Profil Penulis

Prayoga Adiwisastra
Prayoga Adiwisastra
Alumni Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Kungsi aktif di Komunitas Sastra Turus, ASAS UPI, jeung Sanggar Sastra Purwakarta. Kiwari cekel gawé salaku Guru Basa Sunda di MTs Assalam Plered

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan.